foto: ist
foto: ist

Geus datang deui bulan puasa. Kuring mah sok resep mun bulan puasa tѐh. Ari waktuna puasa mah teu pati resep, da sok lapar. Komo deui tengah poѐ, peujit tѐh tangka sok murilit bakating ku lapar. Tikoro tuhur balas haying nginum. Awak lungsѐ taya tanaga.  Titingalian gѐ sok ranyay teu puguh.

Resepna mun waktuna buka. Sagala ngeunah rarasaan tѐh. Nginum cai hѐrang gѐ asa ngeeuunaaaahhh pisaaann. Mun geus ngasaan mah boa asa cai surga ku ngeunah-ngeunahna. Mamah sok nyadiakeun ѐs buah, nu dijieunna tѐh tina mѐlon, blѐwah atawa bontѐng suri, ager, rumput laut, jeung kawѐni. Meuni seger pisan. Mamah mah sagala ngadamel nyalira. Gulana sok ngahaja ngadamel seueur, tuluy dibotolan, disimpen dina kulkas. Jadi mun kurang amis tѐh tinggal ngucurkeun baѐ tina botol.

Tos ѐta ngahanca bala-bala anu dicocolkeun kana sambel suuk. Ieu ogѐ kѐnging ngadamel mamah. Tara kersaeun mѐsѐr, najan nu dagang bala-bala loba, atuh bungbuna aya di took nu geus jadi. Da bѐda ngeunahna bungbu meunang toko jeung meunang mamah mah, leuwih ngeunah meunang ngarѐndos mamah.

Mun tos wareg bala-bala, diselang heula ku sholat maghrib berjamaah. Bapa nu jadi imamna. Tuluy ngadoa babarengan. Kuring mah sok ngadoa sangkan bapa, mamah, kuring, jeung si adѐ, sarѐhat seueur rezeki, sarta seueur nu nyaaheun.

Bѐrѐs sholat, kakara nyerbu sangu sabalad-balad. Sadayana pasakan mamah. Mun tos bѐrѐs neda tѐh sok tara kuat cengkat, bakating ku wareg. Tinggalolѐr heula hareupeun TV. Saur mamah mah korban perang, keuna ku tѐmbakan cenah. Enya, pan sapopoѐ tos perang, merangan hawa nafsu. Ari tos waktuna buka, tara kuat nahan nafsu, sagala dihuapkeun. Akibatna sok tinggalolѐr.

Tapi da ngagolѐr tѐh teu bisa lila, mamah sok ngaburu-buru ngajak ka masjid, tarawѐh. Tah, dina waktuna tarawѐh deuih nu sok resep tѐh. Sok loba pikaseurieunana. Tapi kѐtah mun tarawѐhna gigireun mamah mah tara bisa laluasa seuri, das ok molototan. Mamah mah galak pisan kana ibadah tѐh, teu meunang heureuy. Mun barudak lalaki nu balangor sok heureuy gѐ sok dicarѐkan ku mamah , nepi ka cicingna.

Ari bangorna barudak lalaki tѐa atuh, sok kaleuleuwihan. Mun keur nangtung sok silihsѐrѐd, nepi ka tingrampѐol. Malah sok aya nu ngagebut labuh sagala. Mun geus kitu sok tingarusek seuri ditahan. Mun keur ruku, nu cicing di tukang sok nyundul bujur nu hareupeunana, nepi ka ngajolongjong, nyundul deui hareupeunana. Atuh jadi tabrakan beruntun. Atawa mun keur sujud, nu tukang sok nyolok bujur hareupeunana, nepi ka tinggurubug. Kitu deui mun amin, sok bari diheureuykeun. Patarik-tarik bari dilagukeun. Pan sakali waktu mah pa ustad bendu, pѐdah aminna diheureuykeun ku barudak. Tapi da rѐpѐhna tѐh ukur sababaraha rakaat, kadituna mah der deui der deui.

Kuring mah tangka sok nyeri beuteung nahan pikaseurieun. Ari teu seuri da lucu, ari seuri sieun ku mamah.  Saur mamah tѐh, “Nu ngaheureuykeun agama dianggap lucu ! kudu diѐlingan nu kitu mah lain diseungseurikeun !”, cenah bari baeud.

Ti tanggal hiji nepi ka tanggal sapuluh mah masjid tѐh pinuh-pinuh waѐ ku anu tarawѐh. Tangka sok lѐbѐr ka buruan masjid nu sholat tѐh, da di jero teu kabagѐan. Nincak tanggal wewelasan, mimiti corѐngcang. Loba nu alpana. Nu sok getol gѐtol tѐh ukur barudak wѐh, kolotna mah jarang. Ceuk mamah mah geus loba nu gugur dina babak penyisihan. Jadi pas semifinal tѐh tinggal saeutikan.

Tah mun geus tanggal lilikuran, masjid tѐh sok rada pinuh deui, da katambahan ku nu mudik ti kota. Jamaah lolobana mah angger wѐ barudak sakola. Da ѐta meureun meunang tugas ti guru agamana masing-masing kudu ngeusian buku romadhon. Jadi daѐk teu daѐk kudu hadir baѐ di masjid, dam un rѐk curang mѐnta tanda tangan wungkul, pa ustadna tara daѐkeun nѐken.

Pas peuting pangahirna, kuring jeung mamah pangheulana datang ka masjid. Ulah kalѐkѐd, saur mamah tѐh, ayeuna malem final. Ngan juara bertahan nu kuat hadir. Kitu cenah. Kuring jadi sumanget tarawѐh tѐh da asa jadi juara bertahan. Kabeneran jamaah tѐh rada rempeg. Masjid pinuh, malah aya nu ngampar di ѐmpѐr sagala. Anu tadina geus bolos baѐ, ayeuna daratang deui. Lumayan jadi haneuteun deui masjid tѐh. Pa ustad gѐ katingalina rada sumanget. Anu biasana tara aya ceramah gѐ ngadadak ceramah heula nu eusina nyaritakeun peutingan lailatul qodar.

Maca suratna gѐ nu paranjang deuih. Malah dina witir mah maca QS Yassin sagala. Teu tamat suratna mah, ukur sabagѐan, ngan lumayan panjang wѐ. Pan mun di masjid kuring mah mun sholat witir tѐh sok dua kali salam. Dua rakaat jeung sarakaat. Caritana, pas rakaat nu pangahirna, sumanget pa ustad jigana ngagedur kѐnѐh. Da ѐta  wѐ, basa sujud pangahirna dililakeun. Lilaaaaaaaa pisan, nepi ka kesel nonggѐng.

Ari keur kesel kitu, aya nu nyebut Allahu Akbar. Jamah jajaran tukang mah kabѐh cengkat, kaasup kuring jeung mamah. Ari pas ngarѐrѐt ka hareup, kuring reuwas, lantaran pa ustad jeung dua shap panghareupna mah can cengkat tina sujudna. Nu sѐjѐn  bruk bruk sarujud deui, bari gandѐng saleuseurian. Ari mamah mah angger calik. Teu lila pa ustad ngucapkeun Allahu Akbar bari calik tahiyat ahir. Ari pas bѐrѐs salam, sugan tѐh mamah rѐk ngambek, ari heug tѐh kalah ngiring imut. Kagugu meureun. Lantaran lila teuing sujud, aya nu iseng nyebut Allahu Akbar. Atuh loba nu katipu.

“ Nu matak mun jadi imam kudu taliti, ulah nepi ka sholat diheureuykeun jamaah. Imam mah teu meunang sagawayah, kudu masagi ѐlmuna, boh ѐlmu agamana, boh ѐlmu kamanusaanana,” saur mamah bari nilepan mukena.

Kuring teu pati ngarti maksud mamah, ongkoh piseurieun can bѐak-bѐak. Ngeunah seuri tѐh, da sakali ieu mah Mamah teu molototan.

 

sumber: http://36ghaisani.blogspot.co.id/2014/12/conto-carpon-sunda-tarawh.html

Komentar

comments