Carpon : Timburu

oleh -17 views

“Hallooo … ? Sareng Alo Endin ?”
“Muhun, Bi Nani soantenna mah !”
“Muhun Alo, nyobi-nyobi ditelpon, manawi teu acan angkat-angkatan, kaleresan geuning aya keneh di bumi, bade nyuhunkeun tulung Bibi teh, itu si Bungsu ……. !”
“Kunaon kitu ?”
“Hoyong di ka pasantrenkeun mun tiasa mah, ari budakna mah geus hoyongeun, katingalina hoyong cageur deuih budakna ge, ngan bingung kamana Bibi teh masantrenkeunana, numawi ngahaja nelepon, sugan Alo Endin tiasa, pedah seueur kenalan wedalan pasantren.”
“Ari kitu ? pasantren kumaha maksad Bibi teh ?”
“Nyaeta atuh….., apal jigana Alo Endin ge panginten, Si Bungsu teh, campur-gaulna kitu, dugi ka dilandongan di Lembang dua minggu, wartosna tos damang ari medisna mah, tos henteu nyandu deui, ngan saur dokter, kantun mentalna cenah, sareng nu kedah dijaga teh cenah, bisi babaturanana nyalampeurkeun deui, mun tiasa ditebihkeun we heulaanan ti babaturan-babaturanana, numawi hoyong dikapasantren keun oge.”
“Muhun, kahartos ari kitu mah, kaleresan abdi nuju libur keneh, barudak mahasiswa nuju mayunan ujian semester, mun Bibi salse mah urang ayeuna we ka rerencangan, Haji Wawan, wedalan ti Gontor anjeunna teh, sugan anjeunna mah apal pasantren mana wae anu ngayakeun program ngabina barudak anu bermasalah kitu.”
“Tah muhun kitu sae, Bibi tos dikantor ieu teh, tapi tiasa nyelang waktos sakedap mah, da Kepala di kantor tos apaleun masalah si Bungsu, sugan kawidian bade nyuhunkeun idzin, jemput we Bibi ka kantor.”
Beres neundeun gagang telpon, mobil di garasi dipanaskeun sakeudeung, terus nyampeur Bibi ka kantorna, sakalian ngadon nganjang ka imah Haji Wawan, rek ngadon menta tulung, sugan bisa mere bongbolongan kudu ka pasantren mana, mun budak kacanduan obat-obatan jiga anak Bi Nani.
“Kabeneran, itu pun anak nu katilu, keur libur di Gontorna, ngadon kadieu, sono ka kolot jigana, ayeuna teh diditu keur penerimaan santri baru bejana, mun kaleresan hoyong nu rada tebih mah, sakalian we kaditu ka Gontor, ngarah teu sering balik ka lembur, ke geura urang ka Buya menta surat pengantar, sangkan gampang daftarna di ditu, ka Gontorna mah Insyaa Allah, ku Akang dianteur sakalian, bari ngadon silaturahmi kaditu.”
“Tah muhun kitu Kang Haji, maksad mah, sakalian anteur kaditu, tapi naha kedah ka saha nembe teh ? ka Buya…?”
“Batur sakobong Akang diditu, kaleresan anjeunna mah sok nampung nu rek ngadon masantren ka Gontor, ngarah teu tumamu teuing didituna.”
Beres babadamian jeung Haji Wawan, mun teu aya halangan, Salasa hareup rek disampeur, rek kana mobil we, da cukup limaaneun.
“Nuhun Alo Endin, Bibi mani diaanteur, da Emangna teu tiasa nganganteur, sibuk deuih ongkoh, tapi engke mah ngahajakeun jeung Emangna, sakalian rek wawartos ka Alo Istri, bisi kumaonam, teu wawartos heula mah”.

Sorena, bada Maghrib, Bi Nani geus nyampak di imah, tiluan, Emangna mah teu tulus milu cenah, dan masih keneh ditempat gawe wanci kitu teh, sibuk keneh dikantorna deuih ongkoh, nu ngabaturan teh nu cikal we, nu awewe, jeung batur kuliahna lalaki. Nyampak teh keur ngobrol jeung pamajikan, keur ngadongengkeun masalah anak bungsuna, jigana. Paheut weh, minggu hareup piinditeun ka Gontor, kakitu-kakieu rek nelepon deui samemehna.

Samulangna Bi Nani, jetetet teh pamajikan ngagadeud, jamotrot beak karep, bari nengtereweleng, rada reuwas na hate mah, pamajikan kitu pamuluna.

“Cik Bapa teh sing boga pikiran, tadi isuk-isuk katingali duaan dina mobil teuing rek kamarana, katingali ku Mamah teh, teu nginjeum mata, kabeneran rek ka Bank, ningali mobil Bapa, katingali pisan duaan jeung Bi Nani, teu kudu ngabohong, teu kudu mungkir, ayeuna peuting-peuting kadieu ngadon bebeja we wungkul rek menta dianteur ka Gontor, teu nyaho mimitina didieu mah, nyaho-nyaho kari jung. Cik hargaan pamajikan teh atuh, teu …, henteu rido Mamah mah, teu ngidinan Mamah mah, Bapa kudu nganganteur kaditu, ka Gontor sagala rupa, aya ieuh salakina, antep we, bisa tatanya sorangan kanu sejen, diditu, teu kudu mementa dianteur ka Bapa sagala rupa.”
“Ke, ke, ke…., lain bieu teh Bi Nani bebeja ka Mamah, menta tulung panguruskeun Si Didiet, anak lalakina nu bungsu pangasupkeun ka pasantren, da didieu mah melang bisi kabawa deui kana obat-obatan, meungpeung budakna daekkeun. Kitu lain bieu teh bebejana ? Malah kadenge ku Bapa oge, Mamah teh, sumuhun-sumuhunan ?”
“Enya kitu, tapi teu rido Mamah mah, mun Bapa pipilueun nguruskeun anakna teh, antep we teu kudu ditulungan ku Bapa, lain anak urang ieuh, nu sejen ge loba keneh rek dipentaan tulung mah, teu kudu ka Bapa, teu suka ….. Mamah mah, teu suka mun Bapa nulungan anakna teh.”
“Ke, ke, ke …. Siah.” Rada nyeuneu ayeuna mah kuring ge. “Ti iraha siah, boga pikiran kitu, boga pikiran embung nulungan jelema nu keur kererepet, naha pedah baraya Bapa, nepi ka teu meunang nulungan, didikan timana siah nepi ka embung nulungan batur. Nya heueuh…., itu mah pantes menta tulung ka aing oge, pedah cenah aya bejana aing teh loba babaturan urang pasantren, saeutik-eutikeun mah aya gambaran sugan, kudu dikamanakeun budak nu boga masalah obat-obatan jiga kitu, kari-kari ayeuna ku maneh ulah ditulungan, gede hulu siah, kawas moal boga kabutuh wae didinya teh, kena-kena ka baraya ti pihak salaki, rek nulungan ge make teu meunang, boga hak naon siah, aing make teu meunang tutulung ka dulur sorangan.”

Enyaan ambek kuring teh, boga dulur, anakna korban narkotik, rek nulungan pedah mampu, rarasaan mah, loba waktu deuih ongkoh, kari-kari ayeuna ku pamajikan teu meunang. Teu kaharti. Pamajikan kalah ngajengkat, ngadon titingkreb.

Dua poe samemeh waktu nu geus dijangjikan, enyaan Bi Nani nelepon deui, rek muguhkeun jigana, tapi kuring tamada, teu diidinan ku pamajikan cekeng teh. Malah ka Haji Wawan ge geus ngabejaan, euweuh idin ti pamajikan mah ulah cenah, bisi matak aya mamala ka sarerea.

Ngan kuring anu weleh teu ngarti, kunaon pamajikan boga sikep kitu, malah nepi ka poe ieu, jeung pamajikan can patanya deuih, sorangan ge embung teuing ngadon lumah-lameh mah.

—–mmd—–

Cikal ka cikal jigana pibasaeunana teh, Ema ngarangkepna ka Apa teh, ari ti Ema mah, tilu kahandapna teh ka opat Ema ku anjeun, sedeng Apa dalapan ka hadapna teh, jadi salapan sareng Apa. Kulantaran ti ditu ti dieu jadi cikalna, atuh sagala pasualan, boh urusan kulawarga, kadangkala urusan naon bae nu aya patula-patalina jeung babarayaan mah Ema jeung Apa, sok jadi paneumbleuhan sarerea pikeun mere bongbolanganana, malah teu wungkul ti rai-raina wungkul kituna ti baraya nu ngan ukur kapi-kapi oge, sok jadi sesepuhna bae, anu papatah jeung bongbolonganana pada ngestokeun ku sing saha bae anu menta saran-saran, kadangkala urusan pagetrengna nu rumah tangga oge, jolna teh sok ka Apa atawa ka Ema marenta nasehatna teh. Jadi konsultan kulawarga meureun mun ayeuna mah, Ema jeung Apa teh.

Ayeuna geus aya taunna Ema jeung Apa ngantunkeun, dulur-dulur anu pernah kapi-adi, ti Emang-emang nu jadi raina Apa jeung Ema, oge baraya-baraya lianna, nganggap ka kuring teh, asa ka Ema jeung ka Apa baheula, keur mah ongkoh anak cikal, panggedena ti dua pihakanana, neruskeun kabiasaan baheula pajar teh, jaman aya keneh Ema jeung Apa, ayeuna ge ka kuring sok rajeun menta saran, ngadon jadi pakumaha menta pertimbangan jeung babadamian, mun aya pasualan rumahtangga teh.
Malah atoh we nu aya, mun pareng jadi kaimpungan dulur-dulur teh, peupeuriheun baheula keur masih digawe di pausahaan mah, teu kari waktu teh, beakkeun dipake ngurus pagawean wungkul.

Wuri-wuri ayeuna sakalieun dipentaan tulung ku nu jadi Bibi. Enya ari dina hubungan kakulawargaan teh, pernah Bibi pibasaeunana mah, najan ari umur mah teu geseh jauh, malah kolot kuring 2 taun. Pamajikan beak karep teu sukaeunana, kuring rek nulungan teh, weleh teu kaharti, malah geus ngaliwatan tilu-poe na, pamajikan teu barang geureuh pisan, komo make daek jeung nanya mah ka kuring, rek aya bulanna malah.
Jadi kalah wowotan kuringna ge, tungtungna diantep sakalian pamajikan teh, tuman cek hate.

Dina unggal riungan ngan ukur jadi kacapangan, pamajikan Kang Endin, gede hulu ayeuna mah, teu daek tutulung-tutulung acan pajar teh, atuh meujeuhna di imah kalah jadi harengheng, kuring jadi teu betah cicing di imah, era ku dulur-dulur pangpangna mah, kalah we dipikolot, dipentaan tulung kitu-kitu bae, teu metu.

Tungtungna tiap aya kumpulan atawa ondangan ti dulur-dulur kuring mah, asa era bareng jeung pamajikan teh, da ukur jadi bukur obrolan wungkul, kadieunakeun mah sok nyorangan we datang ka ondangan atawa kana kumpulan kulawarga teh, ngarah teu diomongkeun bae pamajikan teh, bongan sorangan, da meunangkeun pamajikan teh, lain meunang nu sejen, estu pamilih sorangan.

Si Cikal anu merhatikeun teh, kawas lain kolot bae cenah, teu patanya salila-lila, jeung saenyana deuih, lain sakeudeung-sakeudeung teu patanya jeung pamajikan teh. Jero pikir, jeung dulur mah moal aya kecap urut, tapi jeung pamajikan mah aya kecap urut teh, urut pamajikan. Boga kayakinan eta, kajeun teuing anggeus-anggeusan jeung pamajikan, tibatan jadi bencah jeung nu jadi dulur mah.

Sakali mah kajadian, aya Emang ngawinkeun di Ciranjang, datang ka ondangan rada isuk keneh, teu siga rek ka ondangan ti imah mah, siga rek lari pagi we, siga rek olahraga, di baju olahraga, make sapatu karet bari ukur di kaos, tapi ditengah jalan dibuka, diganti ku baju batik paragi biasa mun ka ondangan, tepi kanu kariaan, nu jadi Emang ngeukeuhan, du’a panutup pikeun panganten hayang ku kuring, dulurna, teu kudu ku batur cenah.

Teu mangkuk sabaraha lila, jigana mah kabeneran pamajikan teh panggih teu dihaja di Terminal, jeung nu jadi Emang, sasadu tidituna mah, yen teu bisa datang waktu ngondang teh, sibuk alesan mah, di kantorna.
“Naon da Alo pameget mah aya kaditu, malah nu ngado’ana ge, pan si Alo harita teh.”

—–mmd—–

Teuing geus sabaraha lila, teu patanya jeung pamajikan, panggih di jero imah, siga jeung deungeun-deungeun di pasampangan we, badis. Kaditu-kadieu ge sorangan deuih ayeuna mah, mun kabeneran aya nu nganaha-naha teu bareng jeung pamajikan, ukur alesan sibuk, jeung sibuk we wungkul, da geus pada-pada surti sarerea ge.

Jigana lila-lila mah, pamajikan anu teu kuateun diapilainkeun terus-terusan teh, sanajan bari jeung menta dihampura ge, tapi da pasea rongkah heula, malah kuring nu rek anggeus-anggeusannana mah, rek ditinggalkeun sakalian maksud mah, rek ngaleos we saraket awak, teu hayang sagala diringkid ieuh, ngabiayaan barudak geus cukup rarasaan mah jeung kamampuan, mun ayeuna teu bisa neruskeun ngabiayaan teh, estuning ku geus heureut pakeun we wungkul, geus teu mampu deui jiga baheula.

Pamajikan, rek ditinggalkeun luluasan kitu mah, acung-acungan menta dihampura, sanajan hate mah rumasa hese rek ngahampura teh, kasigeung rasa kalalakian teh, mangnyerikeun kanu jadi dulur, dikitu-kitu ku nu jadi pamajikan, lain kunu sejen. Bari dina hate mah, kuring ge ngarasa salah, teu mampu ngabina, teu mampu ngadidik nu jadi pamajikan, nepi ka jiga kitu sifat-sifatna, komo meureun bakal leuwih hese, ngadidik jeung ngabina sakabeh kulawarga jeung anak-anak kuring.

“Hampura Bapa, Mamah teh hampura, ngagugu teuing nafsu, Mamah teh inget bae kana impian…..”
“Hampura, hampura siah ……., ayeuna mah geus telat barina ge, tuh dulur-dulur aing tingali, kabeh ge geus ngajarebian ka maneh teh, jeung make los-los kana impian sagala, nu lain-lain bae…… Na ngimpi naon kitu maneh teh ?”
“Ngimpi Bapa bobogohan deui jeung Bi Nani”.

sumber: http://abahbandung.blogspot.com/