Sejarah Asal usul Jaipongan Khususna Ketuk Tilu (Goyang Karawang Dina Raraga Ngamumule Budaya Sunda)

by -699 views
Foto: istimewa

Supados teu aya salah faham antara Goyang Karawang sareng Ketuk Tilu Jaipongan.

Jaipongan nyaéta hiji wanda seni tari nu lahir tina kréativitas seniman asal Bandung,Gugum Gumbira.

Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salah sahijina nyaétaketuk tilu nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu.

Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerakmincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan.

Kiwari jaipongan sering dipaké keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daérah Subang jeungKarawang.

Saméméh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat umpamana, tari pergaulan mangrupa pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran.

Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggéng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran.

Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, kawasna kasenian ieu kasohor dina taun1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian iéu ukur dirojong ku unsur-unsurbasajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.

Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan, nu aya di daérah basisir kaler Jawa Kulon (Karawang, Bekasi, Purwakarta,Indramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan jeung kasenian saméméhna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub).

Ayana tarian dina Topeng Banjet cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koréografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerak-gerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaéta Tayuban jeung Pencak Silat.

Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu memang sabab dasar tarian éta mangrupa kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran Gugum Gumbira kacida kentelna kénééh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina lebah koreografiatawa pamirigna, nu satuluyna tarian ieu jadi kamashur ku sebutan Jaipongan.

Mugia janten manfaat kanggo sadayana

Rahmat Supardi (https://www.facebook.com/parische.vanjava)